PERLUNA NGAMUMULÉ BASA SUNDA




 

TEMA : Utamakan basa Indonesia, Pelihara basa Sunda, Kuasai basa Asing.

 

PERLUNA NGAMUMULÉ BASA SUNDA

 

Wilujeng enjing.

Sampurasun!

Girang pangajén anu ku simkuring dipihormat. Hadirin sareng hadirot anu aya dina kabagjaan.

Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka illahirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayah-na, urang sadaya tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu tempat kalawan sehat walafiat.

Hadirin anu mulya, sagala puji kagungan Allah, pangeran sadia alam. Guru nu paling wijaksana. Anu janten rohmat kanggo sadia alam.

Hadirin anu dimulyakeun ku gusti Allah.

Hapunten, sim kuring téh sanés badé mapatahan ngojay ka meri sim kuring seja ngadugikeun perkawis “Perluna Ngamumulé Basa Sunda”. Sakumaha anu ka uninga ku urang sadaya, dijaman sapertos ayeuna, dimana loba rupa-rupa budaya Asing anu datangna tiluar nu asup ka lingkungan masyarakat urang, ulah nepi ngajadikeun budaya Sunda jadi sémah di lemburna sorangan nyaéta di jawa barat. Ku kituna urang sadayana utamina nu aya di Jawa Barat, kudu tiasa terus ngalestarikeun budaya Sunda hususna basa Sundana. Urang kedah saluyu pikeun mikadeudeuh kana budaya sunda, guyub akur sauyunan, ngahiji sapamadegan, pikeun ngamumulé budaya Sunda.

Tujuanna tangtu waé sangkan ngahontal hiji tujuan nyaéta budaya Sunda téh ulah nepika leungit, urang sorangan salaku masarakat anu cicing dijawa barat, ulah nepi ka poho kana basa sunda, lain ngan saukur bisana ngagul-ngagul kana budaya batur hungkul, ari kana budaya sorangan mani teu di inget-inget saeutik-eutik acan. Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok. Urang sadaya kedah ngarobah pandangan anu ngarasa éra lamun nyarita ku basa Sunda. Katampi ku asta kalih kasuhun kalingga murda. Nganggap dirina maju jeung modern lamun nyarita ku basa nu deungeun. Nepi ka loba kolot anu henteu ngarasa perlu ngajarkeun basa jeung budaya Sunda ka turunanana.

Hadirin hormateun sim kuring,

Basa téh mangrupa jandela dunya. Ciri tina jati diri manusa anu ngancik di hiji nagri. Kitu deui basa Sunda, nu mangrupa salasahiji bagéan budaya nu aya di Indonesia. Basa nu mibanda kaéndahan nu sampurna. Sanes mung saukur kanggo gunem catur wungkul, tapi oge mangrupa basa batin nu tiasa mangaruhan ka unggal jalma nu makéna. Matak tengtrem kana ati sanubari kanggo anu ngaregepkeunana. Tos janten pasipatan urang Pasundan nu handap asor, soméah hadé ka sémah, tur daréhdéh, anu tos sakedahna dianggé sadidintenna.

 

Namung hanjakal pisan, jaman kiwari sawatara nonoman Sunda tos ampir hilap kana basa para karuhunna. Teu sadar upama laun-laun mah, basa nu dipikareueus, diagul-agul téh bakal leungit tanpa karana, tina kahirupan urang nu aya di tatar sunda. Saupami urang nengetan kana paripolah bangsa urang ayeuna, boh dina sasauranana, boh dina paripolahna jeung dina ngalarepkeunana sok matak ngahariwangkeun. Margi asana téh parantos tebih tina ajén-inajén bangsa urang, komo upami ditilik tina ajén-inajén karuhun mah. Hal sarupa kitu, siga barang langka nu maliré. Mangga urang emutan, seueur keneh nonoman Sunda, sélér suku Sunda, anu dumuk di tatar Sunda, namung masih teu tiasa nganggo basa nu bener tur merenah.

 

Hadirin anu di mulyakeun ku Gusti Allah.

Dina danget ieu pisan, sim kuring umajak ka sakumna dulur-dulur nu aya di tatar Sunda, hayu urang paheuyeuk-heuyeuk leungeun, sasarengan miara tur ngamumulé basa Sunda. Badé ku saha deui atuh dipiara sareng dimumuléna, upami sanés ku urang sorangan. Mangga geura arémutan.

 

Hadirin hormateun sim kuring.

Sakitu nu kapihatur, boh bilih langkung saur, bahe carek, bobosapanon carang sapakan, hapunteun anu kasuhun. Tiluhur sausap rambut, tihandap sausap dampal, boh bilih dina cumarios tadi téh pondok nyogok, panjang nyugak, mugi ageung paralun, neda jembar pangampura. Hatur nuhun kana sagala rupi perhatosanana.

 

Mamanis Basa:

            1.  Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok

Hartina: "Cikaracak ninggang batu" secara bebas dapat diartikan sebagai air yang menetes jatuh ke sebuah batu. "Laun-laun jadi legok" berarti pelan-pelan akan terbentuk lekukan atau berlubang. Peribahasa tersebut secara keseluruhan memiliki arti sesulit apapun suatu tantangan, jika dikerjakan terus menerus akan membuahkan hasil. 

2.  Hapunten, sim kuring téh sanés badé mapatahan ngojay ka meri  

Hartina: “Maaf, bukannya saya mau mengajari renang ke bebek”, sehingga maksud dari kalimat tersebut adalah bukannya saya sok mau mengajari anda.  

3.       Katampi ku asta kalih kasuhun kalingga murda

Hartina: diterima dengan gembira, atau “diterima dengan dua tangan” atau bisa juga disebut dengan istilah diterima dengan dua tangan terbuka dan gembira.  

4. Sakitu nu kapihatur, boh bilih langkung saur, bahe carek, bobosapanon carang sapakan, hapunteun anu kasuhun (gaya basa)

Hartina: menta dihampura bilih aya ucapan anu teu merenah kadanguna. 

5.       Tiluhur sausap rambut, tihandap sausap dampal (purwakanti)

Hartina: menta dihampura tinasagala kalepatan 

6.       Pondok nyogok panjang nyugak (purwakanti)

Hartina: omongan anu matak nyentug hate, matakteu resep ngadengena 

7.       Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok (paribasa)

Hartina: upama dileukeunan sagala nu hese oge bakal bisa


 

 

 

 

 

 

Komentar